Senin, 27 Desember 2010

Dialog Drama Basa Sunda Judul : Kalung Berlian
Peran:
1. Loisel
2. Nyi Loisel
3. Juragan Mentri George Ramponneau
4. Istri Juragan Mentri George Ramponneau
5. Nyi Forestier (Nu diijeuman perhiasan)
6. Nyi Matilda (Tukang Butik)
7. Pulisi
8. Tukang Iklan
9. Babaturan Loisel
10. Latar
Latar :
Aya hiji wanoja ngaranna Anne.Manéhna téh salahsaurang wanoja anu nya ngora nya hadé rupa, tur pikayungyuneun deuih, ngan hanjakal, sasat goréng milikna baé, bet dikadarkeun jadi anak pagawé. Teu maskawin, teu cita-cita, sumawonna dipikawanoh, diajénan, dipikahéman tur dipileuleuheungkeun ku nu gandang tur beunghar mah; nya teu bisa majar kumaha, ukur sadaya-daya wé basa dikawin ku pagawé leutik ti kantor Déwan Atikan anu ngaranna Loisel. Ayeuna ganti ngaran jadi Nyi Loisel.
Nyi Loisel hirupna basajan, taya bangsana nyenangkeun manéh; ngan orokaya teu bagja, cara ilaharna golongan manéhna; tuda lain sasaha, pira wanoja ti golongan cacah kuricakan; enya gé laluis tur laluwes tapi da heureut deuleu pondok léngkah, ukur bisa cameubleu di imah.
Nyi Loisel teu weléh nguluwut marungkawut, awahing ngarasa diteungteuinganan, da cék pikirna pantesna mah hirupna téh binarung kasenangan. Ari di imah éstuning lieuk euweuh ragap taya, rét ka kénca rét ka katuhu téh ukur bilik nu geus buruk, korsi réyod tur paparabotan butut.
Hiji mangsa, wanci sareupna, salakina balik mani hariweusweus bari ngagigiwing amplop badag.
Loisel : “Tah, …keur Nyai.”
Nyi Loisel : …. Nangis…
Loisel : “Hih, ari Nyai, panyana téh rék bungah. Nyai téh kapan tara ka mamana. Ayeuna meunang kasempetan, tur langka deuih kasempetanana gé. Hésé béléké Akang meunang ieu ondangan téh. Batur mah harayang, da puguh nu diondangna gé lain jalma joré-joré. Sok wé sebutan tibang sabaraha urang nu meunang ondangan sarupa kieu. Geura, di ditu mah urang bisa patepung jeung sakumna bangsa ménak.”
Nyi Loisel : “Na majar kudu kumaha ari meunang nu kitu?”, “Nya naon atuh nu kudu dipaké?”
Loisel : “Kapan aya baju nu ku Nyai dipaké basa urang lalajo sandiwara téa geuning. Katingalina ku Akang mah kacida kéwesna…”
Nyi Loisel : “ Ah…, henteu.”
Loisel :, “Urang ka Matilda geura, yu. Sabaraha nyah pangajina papakéan nu pantes téh? Nu basajan wé, nu sakirana bisa dipaké jang acara séjénna?”
Nyi Loisel : “Duka atuh sabaraha-sabarahana mah. Ngan ku kira-kira mah moal kurang ti opat ratus franc.”

Loisel : “Heug atuh. Ku Akang Nyai rék dibéré duit opat ratus franc. Kahadé sing bisa milih nu alus bajuna.”

Latar : Saenggeus Nyi Loisel dibéré duit, manehna geuwat muru ka toko butik Matilda rék mesen baju. Di toko butik Matilda :
Nyi Loisel : “ Nyi Matilda…, Numananya baju nu pantes kanggo kaondangan Juragan Mentri ?”
Nyi Matilda : “ Ieu, nu saé mah…, bahana sutera asli ti Cina”
Nyi Loisel : “Oh…. Tapi sabaraha pangaosna?”
Nyi Matilda : “Mung…. Tilu ratus tuju puluh lima franc.”
Nyi Loisel : “Sabaraha lami anggeusna ?”
Nyi Matilda : “Tilu dinten gé tos réngsé.”
Nyi Loisel : “Omatnya sing saé!....”
Nyi Matilda : “Sing percantenlah ka abdi!.”
Latar : Geus deukeut kana poéan pasamoan, Nyi Loisel katémbongna kalah alum tur beuki guligah baé. Ari pibajueun téa mah geus méh anggeus dikaputna. Dina hiji peuting pok salakina nanya
Loisel : “Aya naon deui Nyai? Geus aya kana dua tilu poéna Nyai katénjona teu cara sasari?”
Nyi Loisel : “Asa teu pararantes ari taya perhiasan hiji-hiji acan mah. Teu emas, teu inten. Rék kumaha alus katénjona. Asana mani nyirikeun teuing taya kaboga téh. Lah, asa leuwih hadé tong tulus baé ka ditu téh.”
Loisel : “Kembang-kembang atuh tapelkeun. Dina usum kieu mah geura pantes téh kacirina mun kembang dijieun papaés. Ku pangaji sapuluh franc gé Nyai bisa maké dua tepi ka tilu kembang eros nu aralus.”
Nyi Loisel : “Lah, …barina gé aréra teuing pagilinggisik jeung istri nu baleunghar bari jeung dangdan teu maké perhiasan sasiki-siki acan.”
Loisel : “Na urang téh belet kabina-bina! Kapan aya Nyi Forestier. Geura ku Nyai tepungan pikeun nginjeum perhiasan. Geus wanoh ieu.”
Nyi Loisel : “Aéh, enya!” pokna. “Na mani teu kapikir nya.”
Latar :
Isukna manéhna nepungan baturna téa ka imahna, terus ngadongéngkeun naon nu keur karandapan.

Nyi Loisel : “Nyi Forestier, kuring butuh perhiasan pikeun nyumponan ondangan pa Menteri”, “Kuring kadieu seja rek nginjeum ka anjen”

Nyi Forstier : “Sok wé milih nu mana, Nyi.”

Nyi Loisel : “Nu ieu we, kalung berlian, mani alus pisan…”, “ Nuhun pisan.. Nyi, ké ,lamun enggeus rék geuwat dibalikeun deui”. “Teu nanaon mun nu ieu? Nu ieu wungkul?”

Nyi Forestier : “Hih, atuh pék baé. Piraku teuing dikorétkeun.”
Latar :
Cunduk kana waktuna pasamoan téa. Teu wudu Nyi Loisel tinemu jeung kabagjaan. Éstu panggeulisna, luis tur luwes, komaraan, amis budi tur hégar. Sakur lalaki nu aya di dinya kabéh neuteup ka manéhna, ngajak pancakaki, tur hayang wawanohan. Sakabéh anggota Kabinét nu sarumping pada-pada ngajak ngawalsa ka manéhna. Dalah Juragan Menteri Atikan gé mani rét deui rét deui.
Babaturan Loisel : “Ngiring bingah Pa Menteri, Bu Menteri”
Juragan Menteri& Istri juragan Menteri : “Nuhun,..”
Loisel : “Ngiring bingah Pa Menteri”
Juragan Menteri : “Nuhun”. “ Loisel, … anjeun bagja boga pamajikan geulis….”, “kahade,… sing at-ati bisi aya nu ngécéng!”
Loisel : “Hatur nuhun, Pa Menteri”, “Mugia abdi sing tiasa ngajagina.”
Istri Juragan Menteri : “ Duh…, mani sae kalungna…”
Nyi Loisel : “Hatur nuhun, ah mung sakieu-kieuna Bu…”
Juragan Menteri : “ Loisel, … sok tong asa asanya!”, “ sok sing bebas!..”
Istri Juragan Menteri : “ Mangga, dileueut atuh…”
Loisel & Nyi Loisel : “Hatur nuhun….”

------ Nyi Loisel ngobrol jeung Ibu Menteri----------
------Loisel jeung babaturannana ----------------

Babaturan Loisel : “Geulis pisan euy, pamajikan manéh téh”
Loisel : “Saha heula atuh,…salakina kasép ogé, nya?”

Latar :
Manéhna Jigrah, bungah, bungangang, lat poho di kalaipan. Teu rék kitu kumaha, mungguh geus hasil ngararasakeun berekahna kageulisan, éstu laksana tinemu bagja. Bagja anu pohara meunang pangajén ti balaréa. Sakabéh pamuji, sakur harepan nu nguniang katut kabagjan harita ku manéhna karasa éstuning gembleng tur pohara ni’matna.
Pésta kakara lekasan kajanarinakeun kira tabuh opatan. Salakina mah ti tengah peuting kénéh gé geus lelenggutan dina patamuan leutik, dibaturan ku lalaki tiluan nu pamajikanana pada-pada saruka bungah anu pohara.Geu kitu manéhna ngajak balik da bisi katingalieun ku kaom istri séjénna.
Nyi Losel : “ Kang, hayu ah urang balik!”
Loisel : “Hayu atuh.”
Latar :
Duaan nalikreuh tepi ka imahna, awakna ngadégdég katirisan. Gap kana simbut nu ngarungkupan pundukna, dilaan hareupeun kaca, sasat nyacapkeun kabungahna harita. Ana kocéak téh Nyi Loisel ceurik.
Nyi Loisel : “Aduh Akang,…kalung téh leungit” …
Loisel : “Ku naon, Nyai?”
Nyi Loisel : “Aduh, ieung… Gusti… kalung Nyi Mas Forestier téh murag sigana mah.”
Loisel : “Baruk leungit? Piraku. Ah, pamohalan!”
Latar :
Jung salakina indit ka kantor pulisi.
Loisel : “ Pa, abdi lapor, pun bojo téh ical kalung berlian.”
Pulisi : “Sok, tulis di berita acara kehilangan”
Loisel : “Mangga”
Latar :
Masang iklan dina koran gé dilakonan, bari diémbohan yén sakur nu manggihan baris diperesénan. Pokona mah satékah polah metakeun tarékah susuganan barang téa kapanggih deui.
Loisel : “Pa, abdi bade mang iklan di koran”
Tukang Iklan : “ Iklan naon?”
Loisel : “ Iklan kaleungitan kalung berlian, jeung sebutkeun yén sakur nu manggihan baris diperesén”
Tukang Iklan : “ Mangga”
Latar :
Tepi ka saminggu, wéléh taya hasilna kokotéténgan téh. Tepi ka hiji kaputusan Loise rek ngagantian . Cepuk wadah kalung téh dibawa ka tukang perhiasan anu ngaranna natrat di dinya. Di hiji toko di Palais-Royal, teu burung aya kalung berlian anu teu dipiceun sasieur jeung nu leungit téa.
Loisel : “Pa, kalung anu wadahna jiga kieu mésérna ti dieu? “
Tukang perhiasan : “Leres, pangaosna opat ratus rébu franc”
Loisel : “Tong sakitu atuh….”:
Latar :
Sanggeus adutawar, éta kalung téh bisa dibeuli ku pangaji tilu puluh genep rébu.
Ka nu dagangna, maranéhna neneda sangkan éta kalung tong waka dikaluarkeun jero tilu poé mah. Loisel boga dalapan welas rébu franc titilar bapana. Kakuranganna mah deuk nginjeum baé.
Nya terus manéhna nganjuk ngahutang. Sarébu franc ti si ieu, lima ratus franc ti si itu, lima louis ti nu ieu, tilu louis ti nu itu. Trét nanda kuitansi, pok ngedalkeun jangji, sok nampa duitna ti nu tukang rénten katut sakabéh nu ngahutangkeun duit ka manéhna. Éstuning lahlahan, dalah cék saréatna nékad, da puguh rumasa can kaerong kumaha naurna. Geus kacipta beuratna jaga, awak ruksak batin gering. Nya dina kaayaan kitu manéhna indit ka toko perhiasan pikeun meuli kalung anyar téa, golosor duit nu tilu puluh genep rébu franc téh dibayarkeun.
Nyi Loisel masrahkeun éta kalung ka Nyi Forestier.
Nyi Loisel : “ Punten Nyi, nembe tiasa masrahkeun ayeuna”
Nyi Forestier : “Sugan téh rék mulangkeun gancang-gancang, da kapan di dieu gé sok perelu.”
Latar :
Nyi Loisel sadar yén geus wayahna kudu ngarandapan hirup susah. Satékah polah manéhna milu ripuh, tisuksuk tindungdung. Puguh wé hutang salaput hulu téh kudu ditaur. Manéhna geus nawaétu hayang ngalunasan. Babu dititah balik, imah pindah, tepi ka nyéwa rohangan leutik anu hateupna rupeuk minangka padumukanana.Ti harita manéhna ngalaman héséna ngurus rumah tangga, kapaksa kudu daék digawé di dapur. Pon kitu deui salakina, digawé unggal soré, ngurus kas sawatara sudagar, tepi ka peuting téh sok meunang lima sous sakaca.
Hirup kitu téh aya kana sapuluh taunna……………
Jangkep sapuluh taun kabéh hutang téh kabayar.
Ayeuna mah Nyi Loisel téh katémbong geus kolot.
Poé Minggu, basa manéhna keur leuleumpangan di Champ-Elysées minangka hiburan ahir minggu, katémbong aya awéwé. Barang disidik-sidik, horéng Nyi Forestier, masih ngora kénéh, geulis kénéh, pikayungyuneun kénéh. Nyi Loisel ngarandeg sajongjongan. Naha wawuheun kénéh kitu ka kami? Ah, piraku teuing pohoeun. Hutang geus lunas ieuh, ah, deuk didongéngkeun wé naon nu karandapan téh. Ongkoh naon salahna?
Nyi Loisel : “Geuning Nyi Forstier ieu téh.”
Nyi Forestier: “Euh, punten, dupi Aceuk téh nu ti mana téa? Henteu kasamaran mah, Ceuk?”
Nyi Loisel : “Apan abdi téh Anne Loisel téa. Émut kénéh?”
Nyi Forestier: “Aéh-aéh, geuning Anne. Na mani pangling kieu?”
Nyi Loise : “Nyéta atuh ti barang tepung harita téa kuring ngarandapan pangalaman anu pohara beuratna, tur kabéh alatan Nyai…”
Nyi Forestier: “Alatan kuring? Ké, ké, kumaha téa?”
Nyi Loise : “Inget kénéh teu kana kalung berlian anu diinjeumkeun ka kuring basa rék ka pésta Commissionér téa?”
Nyi Forestier: “Oh, enya. Puguh wé inget kénéh.”
Nyi Loise : “Tah, saenyana mah éta kalung téh leungit.”
Nyi Forestier: “Leungit kumaha? Kapan harita gé geus dipulangkeun deui.”
Nyi Loise : “Enya, ari mulangkeun téa mah. Tapi nu dipasrahkeun ka Nyai téh saenyana mah kalung anyar nu teu béda ti nu diinjeum, minangka gagantina. Nya, pikeun mémérés risikona kuring kadua akangna perelu waktu sapuluh taun. Kabadé meureun da puguh keur kulawarga kuring anu sakieu taya boga mah ngumpulkeun waragad sakitu téh teu babari. Tapi keun lah, da geus kajadian, tur kuringna gé geus ihlas satemenna.”
Latar :
Sajongjongan mah Nyi Forestier kalah olohok mata simeuteun.
Nyi Forestier: “Jadi, Nyai téh tepi ka meuli kalung berlian pikeun ngagantian kalung kuring. Kitu?”.“Enya. Naha teu katara kitu? Padahal mah ukur mirip baé nya.”. “Gusti! Deudeuh teuing Anne! Kapan anu baréto diinjeumkeun téh kalung palsu. Pangajina gé moal leuwih ti lima ratus franc!”
(copas)

GOOOOLLLL

Carpon Wasta Ai

HARORÉAM ari kabagéan kelas beurang bari pelajaran pamungkas téh, sok tunduh. Bubuhan mun di imah mah jam sakieu téh keur istirahat. Tong boro kuring, dalah murid gé katémbongna bangun nu geus carapéeun. Aya sababaraha murid nu katénjo kalah ka heuay waé bangun nu tunduh, jadi teu pati dariangajartéh. Mun bisa nawar mah wayah kieu téh mending ngampar samak. Tuluy gogoléran ber­ja­maah jeung murid di kelas, bari lalajo tim sépak bola Maung Bandung tanding jeung tim sépak bola séjénna. Astagfirulloh nga­don ngalantur.

“Bu, uih nya, sakedap deui maén!” cék Kurniawan nu diuk di bangku pangtukangna.

“Muhun, Bu!” nu lianna mairan.

“Éhh… teu tiasa, lalajo mah tiasa iraha deui, sok kerjakeun heula tugasna!”

“Atuh Bu, ku Pa Ridwan mah sok diuihkeun!” Kurniawan keukeuh.

“Nu goréng mah tong diturutan, barina gé penting mana lalajo maén bal jeung diajar?”

Barudak jempling.

“Aya nu teu ngartos Kurniawan, éta deuih nu séjénna?” kuring ngahaja malik nanya keur mindahkeun jejer caritaan.

“Nomer tilu Bu, maksadna naon?” Agus nu sabangku jeung Kurniawan ngacung.

“Aya nu nyaho maksudna?” ngahaja malikkeun deui patalék­an ka barudak téh, sangkan araktif di kelas.

Siti nu diuk panghareupna ngacung.

“Sok Siti!”

Mani capétang ngajéntrékeun maksud soal nomor tilu, abong murid pangpinterna.

“Nya leres, saé Siti!”

“Kumaha Agus, ngartos?”

“Ngartos Bu!” témbal Agus bari unggeuk.

“Sok kerjakeun deui, mun aya nu teu ngartos taroskeun deui!”

Saha jalmana nu embung lalajo tim karesepna maén, kaasup kuring. Haté mah bati kumejot hayang lalajo béntang lapang idola kuring ngasupkeun bal.

“Bu, wios ngerjakeun tugasna bari ngupingkeun radio?” Nurdin nanya.

“Muhun Bu, béh sumanget!” Kurniawan mairan.

Kuring ngahuleng sakedapan, bet ras inget ka jaman SMA, ari boga kahayang teu dicumponan ku guru téh sok jadi ngéwa, ka dituna sok horéam ngiluan pelajaranna, nu antukna bolos.

“Sok asal ulah ribut, jeung tugasna dikerjakeun sing bener!”

“Asyik, thank you Bu guruku yang cantik!” Murid meni sarurak bangun nu barungah. Kabeneran atuh da murid jeung guru téh karesepna sarua pisan, lalajo maén bal. Ngan murid mah teu arapaleun, yén kuring téh sabenerna mah bobotoh Maung Ban­dung. Dina apaleunna kuriak asa dipangmeunang­keun. Ka­tangén sababaraha murid ngaluarkeun hapé, narapel­keun hédsét kana ceuli. Abong geus canggih jaman ayeuna mah, ngadéngé­keun radio gé bisa dipésakan. Guru gé éléh ku gaya murid jaman ayeu­na mah, kawantu ampir kabéh baroga hapé.

Jep kelas ngadadak jempling. Duka jempling ngerjakeun soal duka keur ngadaréngékeun pertandingan sépak bola. Kuring nyam­peurkeun murid nu maraké hédsét, bisi ngadon ngadéngé­keun wungkul ari tugasna teu dikerjakeun. Rét kana jam nu meulit na pigeulang, kana balik sajaman deui leuwih. Mun diitung-itung pas tepi ka imah pertandingan réngsé, moal kabagéan lalajo. Moal bisa neuteup geugeut manéhna.

“Goool….!!!” keur jempling barudak sarurak

“Bu, gol Bu, ku Arifin!” haté ngilu bungangang bari asa nyé­rédét ngaran éta pamaén disebut.

“Ssssst… muhun, muhun, atos sok kerjakeun deui tugasna, mun ribut waé ku ibu dicandakan geura hapéna!”

Arifin ngasupkeun deui, hébat anjeun téh. Lain ngan saukur jadi béntang lapang tapi bentang haté kuring. Asa aya nu ngadorong, awak ujug-ujug leumpang nyampeurkeun kantor TU. Kasampak kabéh pagawé TU jeung sababaraha guru keur lalajo babaréngan, bari sarua deuih ngadon sarurak. Bener ari geus dibéré pangaresep mah gedé kakuatanana. Teu budak teu kolot, teu di mana teu di mendi, balolotot di hareupeun tipi lalajo maén bal.

“Bu, nonton heula Maung Bandung, ramé geura, tos hiji-kosong?” cék Pa Ridwan, guru bahasa Inggris, kuduna mah keur ngajar jam sakieu téh.

“Mangga, ieu mung badé nyandak cai!” pok téh tambah éra padahal hayang ningali siaran ulang Arifin ngasupkeun bal. Katémbong Arifin mani parigél ngulinkeun bal najan lawan terus ngincer ti ….

“Bu, seneng deuih?” Pa Ridwan nanya bari nyampeurkeun ka lebah kuring.

“Lumayan, Pa!” témbal téh pondok bari gura-giru muru deui ka kelas, bisi barudak kalah garandéng jeung teu ngerjakeun tugas. Méméh asup kuring noong barudak tina kaca. Sababa­ra­ha murid diukna parindah ka nu baroga hédsét, mani pada me­tot bari raéng nyebut, hidup Arifin! Hidup Arifin! Aya nu nga­geter dina haté ngadéngé éta ngaran pada nyebut.

Barang kuring asup, kelas jempling barudak dariuk deui dina bangkuna séwang-séwangan.

š{›

“Masa depan Ari masih kénéh jauh, Ari mah pan ku Mamah jeung ku Papah rék di kuliahkeun!” Papah unggeuk ngayakin­keun omongan Mamah.

Kuring bati ngeluk tungkul diomongan kitu téh, bari haté norowéco. Arifin panyileukan urang téh ngan saukur patamor­gana.

“Ari, di kampus engké bakal loba lalaki nu leuwih kasép, berpendidikan, jeung beunghar batan Arifin, nu ngan saukur tukang kuli pabrik, rék di kamanakeun atuh harga diri kulawarga urang, mun boga minantu ka kuli pabrik!” aya nu nan­ceb, peurih karasana kana haté.

“Mamah yakin, Ari bakal kaduhung mun terus deukeut jeung éta lalaki” Mamah bangun nu teu capé nyeuneuan haté kuring sangkan ngajauhan Arif.

“Mah…”

“Masa depan Ari bakal cerah, mun Ari nurut kana kahayang Mamah jeung Papah!” biwir mani asa hésé rék ngabéla, ngadon kapiheulaan ku cimata. Naha atuh kuring bet dipanggihkeun jeung manéhna lamun rék dipisahkeun? Naha geuning harga diri bét leuwih luhur ajénna batan kakuatan cinta? Naha di dunya bet aya nu ngabédakeun antara nu beunghar jeung nu miskin, apan hareupeun Alloh mah kabéh gé sarua. Naha, Mah.

“Jung ayeuna mah geura siap-siap, pan isukan rék indit, tong mikiran deui éta lalaki, rugi!”

Haté kuring ancur burakrakan, sabab kudu ninggalkeun ieu lembur, nu loba ngaguratkeun carita kuring jeung Arif, carita cinta nu ngalémbéréh na palataran sukma.

Ari jungjunan hate Akang, poé Minggu Akang maénbal di lapang desa, lalajo nya geulis! Hapé ku kuring digalentoran, diceung­ceurik­an.

Euweuh gunana dijawab gé, ngadon nyodorkeun jurang nu ngalungkawing antara harepan jeung kanyataan. Akang, Ari moal bisa deui lalajo Akang maénbal, Ari bakal ninggalkeun ieu tempat, ninggalkeun sagala impian urang salila ieu, hampura Kang, hampura…

Najan karasa beurat suku mah laju ngaléngkah, naratas kahirupan najan matak nyarugak kana haté. Di ieu kota, kuring mimiti muka kahirupan anyar keur impian kulawarga sangkan jadi PNS. Bener pisan ceuk Mamah jeung Papah, yén di kampus loba lalaki ti sa-Indonesia, malah luar nagri nu leuwih beunghar, kasép, berpendidikan batan Arif. Tapi naha éta rébuan lalaki téh euweuh hiji gé nu bisa mupus gurat duriat kuring ka Arif. Najan ku kuring geus sababaraha kali dipohokeun, sakali kuring mohokeun sarébu kali kuring inget. Runtuyan carita mangsa lawas narémbongan unggal rénghap, lir pilem nu diputer dina kongkolak panon.

Tilu taun ti éta, kuring kakara apal ti babaturan salembur nu kuliah ka ieu kota, yén ti saprak kuring indit Arif kagegeringan, nepi ka sababaraha kali asup ka rumah sakit. Malah geus sababaraha kali, saban manéhna cageur neangan kuring ka ieu kota, bari teu apal alamatna. Da kulawarga kuring mah maenya teuing méré alamat kuring ka manéhna. Apan ngahaja kuring dikuliahkeun jauh téh, sangkan pegat jeung manéhna.

Euweuh gunana, Rif, urang panggih gé, ari duriat urang moal ngajangélék mah, kalah ka nguyahan deui karaheut nu teu cageur-cageur. Mending pajauh bari nyawang ngalémbéréh­na duriat urang ka lebah mana, susuganan eunteup di hiji panyi­leukan urang.

Geus lima taun urang teu panggih, tapi anjeun tetep hirup dina haté kuring, lir mustika ati nu nyaangan peténgna haté. Najan raga pajauh tapi haté tetep padeukeut, pada-pada cuma­rita katresna séwang-séwangan.

Ayeuna impian kulawarga kuring geus tinekanan. Kuring geus jadi PNS di hiji SMA di ieu kota, bari ngeureuyeuh kuliah S2. Impian anjeun gé nu hayang jadi béntang lapang geus tinekanan. Tangtuna éta téh ladang kapeurih jeung katulaténan anjeun salila ieu. Kuring remen ningali anjeun dina layar tipi, padah ngagorowokan, padah muji, pada…..

š{›

“Goool…!!!” koréjat asa kagareuwahkeun.

“Bu, Arifin ngalebetkeun deui!” haté bungangang, kontan kuring ngodok hapé dina pésak, tuluy mencétan tombol: Hatur nuhun, dua goalna! Geus nyieun éta kalimah langsung dikirimkeun ka nomor08522222xxxx, nomer manéhna baheula. Teu ngaharepkeun jawaban, sabab SMS-na gé pending.

Rét kana jam nu meulit na pigeulang, jam satengah lima soré. Sapuluh menit deui jam pelajaran rengsé, hartina pertandingan gé rengsé. Acara penting katinggalkeun, tapi teu pati hanjakal sabab mélaan acara nu leuwih penting. Ayana murid jadi bagian tina hirup kuring. Gandéngna, seurina, baongna jadi pangupa jiwa enggoning nyukcruk pait peurihna kahirupan.

Barudak mani raéng ari nyanghareupan waktu balik mah.

“Kempelkeun tugasna!” ningali murid geus maréréskeun bukuna.

“Bu aya nu teu acan kapendak waleranana?” Nurdin mukaan kénéh sababaraha buku sumber.

“Teu kedah kapendak sadayana, nu penting mah ngartos!” témbal téh bari nyokotan lembar jawaban nu dikumpulkeun ku murid.

“Bu, atosan maénbalna!” Kurniawan nyoplokkeun hédsét.

“Horééé… Maung Bandung meunang euy!!” barudak surak.

Kuring seuri, bari ngodok hapé nu karasa ngageter.

Klik, message dipencét.

Sami-sami Umi, dua goalna kado tepang taun kanggo istri Abah nu satia.***

Carita Pondok Enang Rokajat Asura

Kuring teh kudu kawin, memang geus pada apal. Geus nyarahoeun ngarah teu saumur-umur jadi bujang bulukan cenah ceuk Ema mah. Deuh … rek kawin, cekeng ngageuhgeuykeun diri sorangan. Mun tujuanana ngarah teu jadi bujang bulukan, wajar jeung pantes mun nu kaimpleng ukur oyagna ranjang, sepre weuteuh, guguling hirup jeung lalampahan ka nagri implengan nu tas wates wangena. Terus unggal peuting nepi ka isuk-isuk aya bukti dina sepre keur pintonkeuneun ka mitoha. Lebah dinya ngan ukur manggihan dua alesan, naha manehna nu peutingna sare jeung kuring masih weuteuh atawa urut batur. Teu jadi sual naha rek kajadian peutingan kahiji, kadua, katilu, kaopat … teuing rek peuting nu ka sabaraha. Heueuh mun tea mah kawinna kuring ku alatan nu kararitu, ku alatan simbol-simbol dunya, asa teuing ku leutik nu ngaranna dunya. Biheung ngan ukur meunang peunteun enol mun disaring ku saringan agama mah.

Kuring teh kudu kawin, memang geus pada apal. Meureun ngarah kuring jadi lalaki langit lalanang jagat. Ngarah engke boga anak, hiji … dua … tilu, teuing rek sababarha teu jadi masalah. Nu penting asal boga budak. Boga turunan nu rek neruskeun garapan nu can anggeus kapigawe. Nepi ka hiji waktu kuring nombro, cicing di panti jompo, terus manehna nu masih keneh halabhab ku kaayaan teh maen serong jeung tatangga atawa jeung tukang kiridit nu unggal minggu sok ngulampreng ka hareupeun imah. Heueuh, mun kawin bari tungtungna ka dinya, asa teuing ku bangga. Heueuh, bangga ninggalkeun budak nu soleh dina waktuna kuring geus nombro tapi oge bangga lamun kudu mere kasempetan keur pamajikan nyieun laku maksiat gara-gara umur kuring jeung manehna ganjor kacida.

Kuring teh kudu kawin, memang geus pada apal. Tapi waktu ditanya saha panganten awewena, geuningan bet ngabigeu. Boa-boa panggung teh ukur pepedut, ngeungkeungna degung ukur angin, sabab sketselna ngan saukur dahan-dahan garing. Tamu nu sami rawuh ngan tungkul teu wani ningali beungeut. Waktu gedong tempat resepsi dibuka, para tatamu teh narangtung ngaleut laleumpang ka hareup siga sireum nu ngantay panyangkana di hareup aya gula keur lamotaneun. Geura sok pikiran, naon pijadieunana, kumaha pibalukareunana mun nu dipaksa kudu kawin ku alatan sieun jadi bujang bulukan, mun can aya panganten awewena tangtuna ukur dongeng-dongengeng keur ngabobodo budak cengeng.

Nu matak samemeh jadi pesta, sok gancang datang ka dieu jungjungan, nangtung di dieu, Sing deukeut sing geugeut. Teu nanaon antep sakeudeung tatamu nu keur anteng tarungkul, ngarah engke waktu tanggah katingal calawak kaget, sabab geuningan anjeun jungjunan pupujaning ati kuring geus nyampak di gigireun. Bae kapan hukum alam ge geus mere palajaran ka urang, satungtung panon poe meletek ti beh wetan kapan jelas euweuh nu mustahil. Keun antep sina saroak, ngoceak, awur-awuran siga daun jati mangsa katiga tea geuningan. Keun engke mun anjeun yakin geus aya di gigireun, kuring rek nangtung dina tempat nangtungna MC ayeuna, urang biantara. Meureun kieu cekeng teh:

“Hadirin nu sami rawuh dina ieu acara, nepangkeun ieu calon pun bojo, Nurani. Ngahaja sanes milih Tuti margi tina ratusan Tuti teu aya nu apaleun saha ari kuring. Oge sim kuring teu milih Susi, sabab saukur-ukur nepangan Susi nu apal kalahka batur lain diri sim kuring. Mangga nyanggakeun ka sim kuring sakalih, sing tiasa ngojayan kahirupan bari cacap meuntas ka basisir nu jadi tujuan.”

Tah kitu jungjunan biantara Akang teh. Mugia anjeun rengat galih, mun dina panungtungan nyarita rek ngenalkeun di mana urang tepung, naon nu matak urang bisa ngahiji. Sok sanajan teu pati galib jeung kalolobaan acara walimahan, kajeun teuing, sabab kapan dina hiji mangsa mah nu ngaranna teu galib teh eta pisan jalan nu lempeng tea.

***

Eta-eta kalahka ngalamun. Ieuh hirup mah teu cukup ku ngalamun, tapi kedah bari sareng prakna. Mun hayang jadi guru, kudu prak sakola guru, sabab lamun ukur ngalamun komo bari teu ngiring ujian guru, na iraha bisa jadi guru.” Ema ngagorowok ti patengahan waktu ningal kuring keur anteng ngalamun. Enya, puguh lucu kapalay anjeunna teh. Maksa nitah kawin ayeuna-ayeuna, tapi unggal nyodorkeun awewe, basana teu panuju bae. Cing cenah neangan teh anu bener, ngarah kami tenang ninggalkeunana.

Waktu mawa Imas, anak bandar jengkol di Pasar Dangdeur, ema ukur keom. Pedah eta buuk Imas tukung. Majarkeun teh teu panuju, maenya piminantueun ema turundul siga hayam sesa macokan. Padahal kuring mah geus pol ka manehna teh, lian ti moal era mamawa da puguh beungeutna mah geulis, jaba kapan nyakola. Sanajan teu rengse jadi sarjana kaburu kagembang ku dagang, asana pikeun batur hirup mah manehna geus moal matak nguciwakeun. Pareng mawa Dedeh, urang Jatayu. Ema keukeuh mugen ukur keom jeung teu mere budi. Pedah eta waktu barangdahar kadenge ceplakna. Basana teh digoreng-goreng oge urang teh turunan menak, kumahaeun teuing benduna uyut Suryaningrat, boga buyut daharna ceplak. Waktu dibejakeun ka manehna, jetetet Dedeh baeud. Majarkeun, na usilan teuing, biwir-biwir didieu naha make kudu dimasalahkeun. Bolay deui bae ahirna mah.

Waktu panceg umur kueing 35 taun bari can jelas iraha rek kawin, malem minggu ngan cicing di imah da puguh teu boga kabogoh, ema katingal siga anjing tutung buntut. Saminggu ti harita tara-tara ti sasari. Haji Maslan nepungan, ngajak ngbrol bari sagala ditanyakeun. Dakuna mah hayang dipangomeankeun telepisi cenah pedah gambarna sireuman. Teuing apaleun ti saha kuring sarjana elektro. Tapi waktu dititah dibawa telepisina, basana teh engkin bae cenah. Nya ahirna wakca boga bibit, payus jeung Gagan mah cenah.

Song mikeun potret, budak ngora kakara tamat SMA. Geulisna mah geulis, make tiung, jeung sorot matana mah sorot budak bageur. Tapi waktu pirajeunan ngulampreng ulin ka imah Haji Maslan tea, euleuh geuningan aya ku wanian. Jaba ti noroweco ngajak ngobrol, tungtungna nanyakeun naha geus boga imah atawa acan, sababaraha gajih ayeuna. Kuring ukur nyenghel, asa nararingnang puguh ge. Kakara tepung geus wani nanyakeun nu sifatna pribadi samodel kitu. Waktu dibejakeun ka Ema, jetetet baeud asa dihina cenah. Pret … teu diteruskeun ngadeukeutan, eukeur mah kuringna sorangan geus asa dipeupeuh hulu angen.

Urusan neangan jodo diteruskeun. Ema usaha neangan, kuring sarua teu cicingeun. Ngan waktu balik gawe, ema hegar nakeranan katingalna teh.

“Lamun enya eta teh lain ukur implengan hidep, Agan, Ema rido jeung asa cop kana hate.” Pokna waktu kuring kakara ngagantungkeun baju kana tempatna.

“Naon tea maksa Ema teh?”

“Enya, eta, Neng Nurani. Iraha rek ditepungkeun jeung Ema?”

Gebeg. Sajongjonan mah kuring ukur colohok. Na apaleun ti saha ari Ema ka awewe nu salila ieu ngeusian buku diary kuring? Geus lila wawuh jeung manehna teh. Ti tingkat hiji keneh. Geus belasan taun. Tapi kapan Nurani mah ukur ngaran dina implengan, euweuh, euweuh di kieuna.

“Kumaha? Geuningan kalahka ngabigeu Gagan mah? Naha tos putus atawa direbut batur?”

“Henteu, Ma! Maksad Gagan teh …”

“Tong seueur perhitungan, kumaha ieu teh naha rek ngadagoan bulukan? Kieu we ceuk Ema mah, Agan siap-siap, atuh Ema rek nepangan Kang Hidayat. Urang ngetang heula iraha cocokna.”

Obrolan teh ngabuntut bangkong sabab Ema kaburu ngaleos ninggalkeun kuring nu masih buntu laku. Enya kumaha pibasaeun atuh ka Ema, naha bakal percaya lamun kuring nyaritakeun yen sabenerna Nurani teh ukur ngaran implengan, ngan aya dina alam sawangan wungkul.

Waktu kadenge panto hareup ngolotrak dibuka, kuring gentak tibuburanjat kaluar ti kamar. Enya we, Ema geus seged dangdan. Enyaan lain akon-akon. Sugan teh ukur babasaan wungkul.

“Ke sakedap, Ma. Saena tong waka ka Uwa Hidayat ayeuna. Emh … maksad Gagan teh …”

“Har … na saha nu rek ka Kang Hidayat? Ema mah rek ka Nyi Karsih pesen sayureun. Si Samroh geus jamedud bae geuningan, bungbu-bungbu kurang cenah.”

Plong hate bungah bungangang. Bari ngelemes nyeungseurikeun diri sorangan, kuring balik deui ka kamar neruskeun deui implengan. Enya, sanajan alesan sieun jadi bujang bulukan, atawa ukur ngahalalkeun keur sapatemon umpamana, tapi sual kawin lain urusan heureuy. Teu nanaon lamun ayeuna kuring maksa kawin, kajeun teuing pegat isuk ceuk babasaan, nu penting asal Ema sugema. Asal kuring boga status geus rumah tangga, asal teu jadi bujang bulukan. Nu matak rebun-rebun keneh kuring geus miang, bebeja mah aya orderan di luar jam kerja nu matak kudu gancang direngsekeun. Ngan samemeh miang talatah heula ka Ema ngomat-ngomatan sangkan tong waka midangsaraya ka Uwa Hidayat.

Biur miang make mobil kantor, nu dijugjug imahna Nuning di Cipanas. Batur kuliah baheula nu sarua masih keneh lalagasan cenah. Lain teu payu ngan beurat teuing sarat-saratna, jeung deui rada ngeper we lalaki kitu-kitu bae mah. Enya jaba ti sarjana teh, Nuning boga vila anu disewa-sewakeun ka urang bule jeung ku pribumi nu resep pelesir malam mingguan di puncak, malah ayeuna geus ngarangkep jeung agrobisnis di Citamiang. Kabeneran manehna ngantor. Uplek ngobrol puguh geus lila teu tepung.

“Jadi tulus atuh meunang gelar bujang bulukan teh?!” Nuning heureuy.

“Nu matak tulungan saya, Ning. Please! Kajeun isukan pegat oge teu nanaon, nu penting ema sugema.”

“Gelo maneh mah! Memangna rumah tangga teh keur saheureuyeun. Embung ah sayah mah.” Nuning ngabirigidig.

“Naha? Kapan ukur dirapalan. Peutingna mah teu kudu sare bareng, saya ge moal ngaganggu. Jeungna deui urang dieu mah moal apaleun. Kapan jauh jarakna oge.” Kuring keukeuh maksa.

“Embung! Sakali embung, embung!” Nuning teu sirikna burial buncelik nembongkeun kaambek. Tapi kuring teu eleh jajaten. Waktu kuring nyaritakeun kajadian sakitu belas taun ka tukang, waktu tas beres mapras, manehna melengek. Lalaunan panonna beureum marengan pipina nu sarua nyeak beureum.

“Hampura, Gan, kuring memang kungsi kahutangan nyawa, tapi bangga lamun kudu mantuan kahayang anjeun baheula.” Pokna dareuda.

“Enya, teu nanaon lah! Da maksud kuring ge lain rek ngagugat kajadian baheula, nyarta kitu soteh eta mah ngan ukur hayang mulangkeun panineungan bae.” Cekeng teh teu bisa terus maksa. Obrolan teh ngacacang ka mana-mana, sagala dibahas sagala diobrolkeun. Cacap ngobrol, biur deui balik terus ka kantor. Kakara rengse gawe teh jam sapuluh peuting. Datang ka imah lungse asa euweuh tangan pangawasa. Ngan nu matak leuwih lungse waktu di hareupeun imah aya mersi ngabagug, mersi seri E anyar keneh. Di jero kabireungeuh aya nu keur ngobrol, ngan teu pati sidik da nonggongan. Lalaunan nyurungkeun panto bari uluk salam. Ema ngabageakeun darehdeh nakeran.

“Tah geningan Neng Ani, dongkap Agan teh.” Cenah bari ngareret ka kuring. Nu disebut Neng Ani malik bari unggeuk semu era. Gebeg kuring ngagebeg, jajantung asa coplok, geningan nu keur uplek ngobrol teh Nuning. Kuring yakin manehna ngaku ngaran Nurani siga nu kungsi diobrolkeun tadi isuk di kantorna. Ema ngaleos ninggalkeun kuring duaan.

“Aya naon?” cekeng.

“Saya nu rek menta tulung. Isukna urang kawin.” Cenah daria nakeranan.

“Geuningan? Ke ke ke kumaha ieu teh?”

“Daripada ka Datuk Maringgih, jaba dipangduakeun, mendingan ka anjeun, kajeun geus bulukan tapi angger aya kasebutna bujangan keneh.”

“Nu bener, Ning?!”

“Swear, serius!”

“Naha ka Ema ngaku Neng Ani?!”

“Kapan ceuk anjeun, ema bakal satuju lamun anjeun kawin jeung Nurani.”

Kuring nyakakak puguh asa dina sandiwara. Tapi sigana isukan mah moal ngalamun deui yen kuring rek oleng panganten.

(copas)