J J
#Di hiji kampung , nu ngarana kampung Balakaciput , aya sakumpulan budak
--------------
Mae : Neng nuju naon ? katingalina jiga anu cape ?
Eneng : Eh teteh gening terang nami abi eneng ? muhun abi teh cape , papah sa dinten teu eueut sareng emam .
Mae : Lah si eneng , ari ka istri mah biasa abi osok nyebat eneng .
Nina : Muhun leres , atuh ngiring yu sareng abdi 2 an , urang ka warung meser emameun
Eneng : Ah alim ngarepotkeun teh .
Nina : Heunteu ih hayu . Oh enya nami abi Nina , tong nyebat teteh , Nina we
Mae : Muhun , abi Mae J
#Pek the torojol geng
Udin : Euleuh euleuh nuju naraon ieu bule ?
Mae : Eh punten nyebat bule ka saha ? ka abi ?
Ucup : Nya enya lah saha deui didieu nu lain budak kampung Balakaciput ?
Nina : Oh tapi sebat abi Nina wae a . Sareng ieu rerrencangan abi Mae . AA sareng teteh saha ?
Ipeh : Euleuh teu apalleun ka urang geng . Kenalkeun preman kampung Balakaciput , alias urang ketua na , Ipeh !
Siti : Haha urang anak buah nu ka hiji , Siti !
Udin : urang lalaki pang kasepna didieu , Udin !
Ucup : Bae din maneh kasep urang mah , imut . Si Imut Ucup !
Ipeh : Kela , ari eta jalma saha ? lain budak balakaciput lin ?
Mae : Muhun sanes , ieu Eneng , karunya teu acan emam sadinten , Peh urang patungan yu ?
Ipeh : Eh paduli teuing , manehna ieuh nu lapareun mah . Kade we , mun maraneh di alus2 ku rahayat kampung ieu , maneh moal tenang !
Siti : Bener ceuk si Boss , jeung unggal poe maneh kudu mayar pajak , sabaraha cup ?
Ucup : Kela , di itung itung mah (sabari ngitung make kalkulator) maraneh teh budak anyar , jadi di bere diskon , mayar sapoe teh 2000 saurang .
Udin : Hiis ari si ucup ngitung teh kumaha ? Anyar ongkoh diskon
Ipeh : enya kumaha sih ?
Geng Bagbigbug keur ngaributkeun masalah duit pajak , sedengkeun bakat si eneng geus leuleus , si Mae jeung Nina mah mabur ka warung. Ipeh jeung babaturan na , karek nyadar pas geus euweuh si eneng .
Ipeh : eh heup heup heup , kela si Nina geus areuweuh , da maneh mah kumaha sih . Make ribut ngurusan duit . Geus we sina mayar 1000 sapoe .
Ucup : ari si boss kumha , lain bebeja titadi atuh . geus ayeuna kumaha ieu ?
Siti : ek di udag , ek balik wae ?
Udin : Bodor pisan Sittiiii . moal guna urang ngudag , da geus euweuh jalma na ge , geus urang tagih barudak sejen heula .
#Di lain tempat , di warung na Ceu Mimin ,
Nina : Ceu mesen endog kulub , ngangge
Ceu Mimin : Sip lah neng , bade sabara hiji ?
Mae : 2 we , lapar Ceu
Nina : Ih ka sobat teh koret pisan !
Mae : Oh Nina teh hoyong /
Nina : nya muhun atuh hoyong . Janten 3 nya ceu , kade diskon nya ?
Ceu Mimin : Eh naon ngangge diskon sagala , teu ah !
Enang : Ceu nu geulis , bageur , diskon atuh ceu
Nina : Muhun Ceu Mimin anu geulis , nu bageur , nu soleh , nu rajin nabung , diskon nya Ceu ?
Mae : Lamun teu diskon abi bade pindah ceu ?
Ceu Mimin : Isss ulah atuh nya hok lah di diskon , kela tungguan nya
Mae+Nina+Eneng : Nuhun Ceu Mimin J
# Ceu Mimin ngan ukur seuri , tuluy ngajieunkeun pesenan budak nu 3 .
Ipeh : Maranehnya , wani na ngan kabur we ! Dasar jelema !
Mae : Nya enya lah , emang urang jelema , emang maneh naon ?
Siti : Eh ngalawan wae ka boss urang jalma teh !
Nina : Tos Mae tong di uruskeun jalma kitu mah , tos calik .
(Mae diuk)
#Pek teh torojol Bapa na Ipeh
Bapa : Ipeh lain bantuan si ema di dapur , ulin we jeung ulin , leuheung ulin na teh alus , ieu mah ngajieun ribut wae
Ipeh : Naon atuh pa , pajak can ditagihan kabeh pa ,
Siti : Muhun Pak Ujang pajak can di tagihan
Bapa : Ari barudak , eling eling , nagih pajak ka saha ?
Ucup : Ka barudak nu ngaliwat pa
Bapa : Astagfiruloh , aya aya wae , dosa peh eta teh dosa .
Ceu Mimin : Aya naon ieu teh ? karek ge di tinggalkeun mawa rencang ?
Bapa : Heunteu ieu budak , si Ipeh
Ceu Mimin : Teu kedah di taros kang , emang geng bagbigbug mah tos janten artis Balakaciput
Udin : Nya enya atuh , Bagbigbug tea . J
Eneng : Atos ah , abi emam ti payun nya .
Bapa : Eneng ? eneng ti mana ?
Eneng : (ngahuleng) bapa ? bapa Ujang ? aeh bapa
Ipeh : eh bapa saha si eneng ? pembantu anyar ?
Bapa : Hiss ulah kitu , ieu teh budak na si mang Rojak
Ipeh : iss si neng gendis ?
Eneng : Ieu teh Ipeh surapeh ? meni beda ?
Mae+Nina+Udin+Ucup+Siti+Ceu Mimin : Teu ngiringan , di antepkeun!
Bapa : Oh punten , geus lah peh , neng yu balik , ke ngobrol na di imah
Eneng : Titadi atuh , abi tos papah sadinten teh , alhamdulilah aya hasil J
Ipeh : embung balik ipeh mah pa ,
Bapa : Balik ! tong cicing didieu , eh meakeun sabara duit atuh , unggal poe indung2 babaturan nu ku ipeh di palak datang ka imah wae nagih duit ! Balik !
#Bapa , eneng jeung ipeh balik , sabari si ipeh mah balik na di bebetot.Di warung Mae jeung Nina tuluy diuk deui ek ngadahar , dahareun nu di sadiakeun ku Ceu Mimin . Geng bagbigbug ngadelekan tuluy indit ninggalkeun warung.Saeunggeus na eta dahareun beak , Mae jeung Nina tuluy indit . Isuk na keur si Mae jeung Nina leumpang , aya nu ngaliwat lalaki . Lalaki eta nanya
Guntoro : Eh punten upami bumi Ceu Hindun palih mana nya ?
Nina : Aduh punten pisan , abdi ge nembe ngalih , janten teu teurang . Atuh kumaha upami ngiring sareng abdi ka warung payun , urang taroskeun ?
Guntoro : Oh teu ngarepotkeun ieu teh ?
Mae : Heunteu tos janten kawajiban nga bantu mah . oh muhun , aya naon ka Ceu Hindun ? Sigana ti jauh ?
Nina : Muhun ka tinggali na cacandakan na seueur ?
Guntoro : Muhun abi ti jawa . Abdi teh di piwarang bapa ka bumi Ceu Hindun masihkeun tas pesenan Ceu Hindun , tapi abdi hilap alamat pas di kampung ieu teh naon
Mae :
Nina : Yu sabari papah ngobrol na . ( Maranehna leumpang ka warung)
Guntoro : Heunteu sanes tas ageung ieu , tapi anu aya dina tas ieu , abdi the sakantenan bade ka
Mae : Oh muhun atuh , eh calik heula , ieu warung na
Mpo Mimin : Euleuh ieu budak 2 nu geulis nyandak budak kasep , saha na ?
Nina : Ieu teh nu bade ka bumi Ceu Hindun ,
Mae : Muhun ceu , dimana bumi Ceu Hindun teh ?
# Pek the datang barudak geng Bagbigbug
Siti : Eits geuning aya budak anyar ,
Ucup : Lumayan nambahan duit pajak
Ipeh : Mae . Nina bayar pajak siah , double jeung nu kamari !
Ceu Mimin : Ih si Ipeh , karunya ih budak keneh geus titah mayar pajak , Ipeh deuih leutik leutik tukang malak
Ipeh : Repeh lah ceu , urusan preman mah kieu
Ceu Mimin : Geulis geulis kieu
Gutoro : Atos atos , aya naon ieu ? emang di kampung ieu kedah bayar pajak ?
Mae : Heunteu , ieu mah biasa budak
#Pek the datang Ceu Hindun
Ceu Hindun : Aeh barudak nuju ngumpul , J . Ceu Mimin pecel na 2 bungkus nya ,
Ceu Mimin : Sip Ceu hindun
Ipeh : si ema ngaganggu wae , kamari si bapa , ayeuna ema
Mae : Kela , Euceu , euceu the ceu Hindun ?
ceu Hindun : Muhun neng aya naon ?
Guntoro : Oh ieu , ceu ieu tas ka titipan bapa ti Solo ,
Mpo Hindun : Oh ieu teh budak na kang Rojak ?
Guntoro : Muhun ceu J , Oh ceu , rai abi aya didieu ?
Ceu Hindun : Si eneng ? muhun aya , saurna kabur ?
Guntoro : Muhun ceu , biasa lah si eneng teh hoyong ngiring sareng abi ka
Ceu Hindun : Oh muhun hayu atuh . Peh ke candak pecel ka bumi keun
# Titadi nui lain na ngan molohok nempokeun ngobrol Guntoro jeung Ceu Hindun
Mae : (Ngagorowok) Eh saha nami ?
Guntoro : abi guntoro
Nani : oh ……
Ipeh : eh eh eh , bayar siah pajak
Mae : ari sugan geus poho !
Ucup : bAyar 4000 2an . da jeung nu kamari acan
Nani : Yeuh ath , Ya alloh mugi mugi ieu geng Bagbigbug tobat , amin J
Mae : Amin J
Udin : Geus lah , urang damai yu ?
Ucup : (ngepret) Udin ? ngimpi teu ?
Udin : Si ucup gelo , naon urang di kepret ?
Siti : maneh naon menta damai ? ngimpi teu ?
Ipeh : Si udin sarap da , menta damai , sadar teu eta ngomong ?
Nani : Watir ih ,
Udin : Urang sadar ngomong eta , ayeuna mah nanaonan urang pasea wae , majeg wae , geus bosen indung urang di tagih wae , gara2 duit budak na di pajeg ku urang . Geus urang damai
ceu Mimin : Bener ceuk si Udin damai lah hok
Ucup : Enya sih , Ucup ge geus lieur ngitung wae pajak . Kalkulator na geus pejet , jadi damai we
Udin : Boloho , damai teh ulah karna kalkulator pejet atuh
Siti : Enya sih , mening damai
Ipeh : embung urangmah , teu hayang teuing
#Torojol Guntoro+Eneng+ceu Hndun+ Kang Ujang
Bapa : Aya naon ieu ?
Mae : ieu udin , ucup siti mah hoyong damai , tapi Ipeh alimeun ,
Guntoro : Peh teu kenging kitu , Ipeh tos ageung maenya bade pasea
Ipeh : gandeng lah.
Ceu Hindun : Peh , damai peh , ayeuna
Ipeh : Saha nu ka
Guntoro : Urang calik diditu , aya bumi kosong di
Eneng : enya peh , ke urang ameng bareng
Ceu Mimin : Muhun , mening damai sa teu acan ninggalkeun Balakaciput
Eneng : Muhun peh , hok damai nya ,
Ipeh : Nya atuh , punten nya abdi seueur salah ka sadayana , abi tos
Mae : Muhun peh ku abdi tos di maafkeun ( nangkeup Ipeh)
Nani : Muhun , namina ge jalma ya hilap na ( nangkeup ipeh)
Eneng : ( nangkeup ipeh )
Siti : ( nagkeup ipeh )
Mpo Mimin : ( nangkeup ipeh )
Mpo Hindun : (nangkeup ipeh )
Ucup+Udin : abi kumaha ?
Ipeh : Naon ?
Ucup+Udin : Nangkeup saha ?
Siti : Tatangkeupan tuh jeung Pa Ujang jeung Guntoro
Ucup+Udin+ Pa Ujang jeung Guntoro : ( tatangkeupan )
Mpo Mimin : tos ayeumah tong aya pasea nya , Hirup rukun
Mae+ Nani+ Eneng+ Siti+ Mpo Hindun +Ucup+Udin+ Pa Ujang jeung Guntoro : DAMAI
# Ayeuna mah di kampung Balakaciput teu aya istilah preman , sadayana hidup rukun .
Tidak ada komentar:
Posting Komentar